CIAMIS
PULANGKEUN DEUI KA GALUH! +)
~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~
A. Sobana
Hardjasaputra*
Balaréa di Tatar Sunda umumna pada apal, yén
daérah jeung pamaréntahan Ciamis, baheulana disebut Galuh. Dina mangsa awal
gelarna, Galuh téh ngaran hiji karajaan di Tatar Sunda. Leungit gelar karajaan, ganti jadi kabupatén.
Sanggeus jadi kabupatén dina waktu kacida lilana (kurang-leuwih tilu abad),
ngaran Galuh diganti jadi Ciamis (1915).
Karajaan Galuh diadegkeun ku Wretikandayun
dina awal abad ka-7 M. Puseur dayeuhna ogé sarua disebut Galuh (tempat anu
ayeuna disebut Karangkamulyan, sakiduleun puseur dayeuh Ciamis). Karajaan jeung
puseur dayeuhna dingaranan Galuh, dumasar kana kecap “galuh” anu ngandung harti
permata.
Galuh sabagé karajaan lumangsung dina waktu
kacida lilana, nyaéta nepi ka akhir abad ka-16 M. Dina tahun 1595 Galuh kaeréh
ku Mataram. Kadudukanana robah tina karajaan jadi kabupatén vassal (patalukan) Mataram.
Antara tahun 1705 nepi ka akhir abad ka-18 M., Kabupatén Galuh aya dina kakawasaan
Kompeni (VOC). Ti mimiti awal abad ka-19 M., Kabupatén Galuh ku Pamaréntah
Hindia Walanda diasupkeun ka wilayah Karesidénan Cirebon nepi ka taun 1915.
Waktu Kabupatén Galuh diparéntah ku Bupati
R.T.A. Sastrawinata (1914 – 1935), éta kabupatén dikaluarkeun deui ti wilayah
Karesidénan Cirebon sarta diasupkeun ka wilayah Karesidénan Priangan. Nya
harita pisan (taun 1915) sacara resmi, Galuh sabagé ngaran daérah jeung
pamaréntahanana diganti jadi Ciamis.
Sanajan kitu, ngaran Galuh tetep nyantél dina
ati sanubari urang Galuh tug nepi ka kiwari. Dina kahirupan masyarakat, kecap
“Galuh” dipaké ngaran mangruparupa widang kagiatan. Contona, jadi ngaran
paguron luhur nyaéta Universitas Galuh); ngaran organisasi atawa pakumpulan,
kayaning Wargi Galuh, Yayasan Galuh Taruna, Asrama Mahasiswa Galuh (di
Yogyakarta), jeung réa-réa deui. Hal éta ngébréhkeun yén urang Galuh leuwih
reueus ngagunakeun ngaran Galuh batan Ciamis. Pikeun urang Galuh mah, éta
kareueus téh beunang disebutkeun natrat sapanjang zaman, lain pédah kiwari loba
urang Sunda anu ngadurenyomkeun deui masalah jati diri.
Naon sababna urang Galuh leuwih reueus
ngagunakeun ngaran Galuh batan Ciamis?
Sikep masyarakat anu ngébréhkeun kapengkuhan
kana jati dirina, sakuduna meunang panowéksa (perhatian) ti pamaréntah daérah, luyu jeung kawajiban pamaréntah,
nyaéta ngayomi jeung merhatikeun aspirasi masyarakat. Pamikiran éta pisan anu ngahudang ayana
pameredih anu jadi judul ieu tulisan.
Pikeun ngajawab éta pananya, tinangtu kudu
dipaluruh kasang tukangna. Kecap Galuh jeung Ciamis kudu dikanyahokeun
asal-usul jeung hartina, sarta ajén anu tumerap dina éta kecap (ngaran).
Asal-usul Kecap Galuh jeung Ciamis
Dina basa Sansakerta, kecap “galu (h)”
miboga dua harti. Kahiji, sabangsa batu permata. Kadua, putri
raja anu masih kénéh lajang, tapi geus nyekel pamaréntahan. Aya ogé anu
nyebutkeun yén kecap “galuh” hartina sarua jeung “galeuh”, nyaéta bagian tengah
(inti) tangkal kai anu pangteuasna. Pamanggih séjén nyebutkeun yén kecap
“galuh” babandinganana jeung “galih”, nyaéta jeroning pikir. “Galih” téh
“galeuhna” kalbu (ati sanubari). Ari W.J. van der Meulen (sajarawan Walanda)
nyebutkeun yén kecap “galuh” asalna tina kecap “sakaloh”, anu hatina “ti walungan
asalna”. Harti “galuh” nu mana anu bener? Gumantung kana dilarapkeunana éta kecap.
Kumaha ari kecap Ciamis? Ti mana asal-usulna
jeung naon hartina? Ciamis asalna tina dua kecap, nyaeta “ci” jeung “amis”.
Kecap “ci” nuduhkeun cai. Éta kecap memang ilahar dijadikeun bagian awal ngaran
tempat anu ngabogaan loba sumber cai (walungan jeung sajabana). Di daérah
Ciamis ogé loba walungan jeung sumber cai séjénna. Kecap “amis” dina basa Sunda nuduhkeun
rasa, saperti rasa gula atawa madu. Tapi dina basa Jawa mah, kecap “amis” téh
nuduhkeun bau hanyir, saperti hanyir getih, hanyir lauk atawa daging, jsté.
Pikeun muguhkeun naha kecap “galuh” jeung
“ciamis” ngabogaan ajén dina kahirupan masyarakat Galuh (Ciamis), tinangtu kudu
dicukruk galurna dipapay raratan sajarah digunakeunana éta kecap (ngaran) dina
kahirupan urang Galuh (Ciamis), ti bihari tug nepi ka kiwari.
Numutkeun Wawacan Sajarah Galuh, di Tatar Sunda,
kecap (sebutan) “galuh” geus dipaké ti mimiti zaman méméh sajarah (prasejarah). Mimitina éta kecap
dipaké ngaran ratu, nyaéta Ratu Galuh. Sanggeus ngéléhkeun bangsa siluman, Ratu
Galuh ngadegkeun nagara di Lakbok. Saterusna, kecap “galuh” digunakeun kana
ngaran nagara anu diadegkeun ku Ratu Galuh, nyaéta Bojonggaluh, minangka gaganti
nagara Lakbok. Éta nagara pernahna di daérah patimuan walungan Cimuntur jeung
walungan Citanduy, tegesna di Karangkamulyan ayeuna (tempat di sakiduleun puseur
dayeuh Ciamis).
Carita Ratu Galuh lain sajarah, tapi
dongéng, sabab Ratu Galuh lain tokoh dina sajarah, tapi tokoh dina mitos. Ku
sabab éta mitos sumebar di masyarakat sacara turun-tumurun, teu karasa éta
mitos téh jadi “sajarah” anu ditarima ku masyarakat (accepted history dina istilah basa
Inggrisna mah).
Ajén Galuh jeung Ciamis dina Sajarah
Galuh sabagé ngaran resmi daérah jeung
pamaréntahanana, mibanda ajén sajarah anu luhur, pangpangna Galuh dina zaman
karajaan. Ari sababna, Galuh ti mimiti jadi karajaan nepi ka jadi kabupatén,
ngawengku waktu anu kacida lilana (awal abad ka-7 nepi ka akhir abad ka-16 M.).
Dina mangsa éta, Galuh beunang disebutkeun aya dina zaman kajayaan. Kajayaan
Galuh anu kacida punjulna nyaéta waktu puseur karajaan aya di Kawali,
pangpangna dina mangsa pamaréntahan Prabu Niskala Wastu Kancana. Hal éta
diébréhkeun dina Prasasti Kawali I. Dina éta prasasti aya kalimat anu unina
kieu :
“….. nu siya mulia tanpa bhagya parebu raja wastu mangadeg di kuta kawali, nu mahayu
na kadatuan surawisesa ….. nu najur sagala desa …..“. Hartina : “….. nu mulya pertapa nu bagja
Prabu Raja Wastu, nu maréntah karaton Surawisésa ….. nu ngawalagrikeun sanagara
…..”.
Kalimah anu dijadikeun motto ku Pemda
Kabupaten Ciamis ayeuna, nyaéta “Pakena gawe rahhayu pakeun heubeul jaya di buana”, taya lian kalimah
panutup dina Prasasti Kawali I. Éta kalimah téh bagian tina ”falsafah kagaluhan”
anu mangrupa amanah, sabab harti éta kalimah téh “kudu ngabiasakeun migawé
(milampah) kahadéan sangkan lila jaya di dunya”. Hal eta nembongkeun kecap ”galuh”
ngabogaan ajén falsafah.
”Falsafah Kagaluhan” dumasar kana pamadegan
Prabu Haurkuning. Kusabab kitu, éta falsafah disebut ogé “Élmu Kagaluhan
Haurkuning”. Inti Falsafah/Élmu Kagaluhan nya éta pamadegan; di antarana :
”Hirup
kumbuh téh kudu didasaran ku silih asih. Ananging hirup téh teu cukup ku asih
baé, tapi kudu dipirig ku budi pekerti anu hadé. Kudu aya pamilih antara hadé
jeung goréng. Ari nu sok kaseungitkeun téh taya lian anging anu berbudi”.
Sajaba ti ngandung ajén falsafah, kecap
“galuh” bangun miboga daya magis. Bisa jadi hal éta balukar tina sumebarna
mitos Ratu Galuh di masyarakat.
Sanggeus Galuh jadi kabupaten, Galuh tetep
ngabogaan ajén, tapi henteu luhur saperti keur zaman karajaan. Kituna téh
kaharti, sabab harita Galuh jadi daerah jajahan. Anapon kitu Kabupaten Galuh
kungsi némbongkeun kamekaran, nyaéta dina mangsa pamaréntahan Bupati R.A.A.
Kusumadiningrat (1839 – 1886), anu katelah Kangjeng Prebu. Dina mangsa éta
pamor Galuh cukup luhur.
Kumaha ari Ciamis? Kecap atawa ngaran Ciamis
ogé ngabogaan ajén, sabab éta kecap atawa ngaran téh milu mangung di sajarah.
Ana pon kitu, lamun dibandingkeun jeung Galuh, ajén anu dipiboga ku
kecap/ngaran Ciamis leuwih handap batan Galuh. Aya sababaraha faktor anu matak
ngurangan ajén Ciamis. Kahiji, asal-usul kecap ”ciamis” basajan pisan. Kadua,
kecap ”ciamis” henteu ngabogaan harti anu jero sarta henteu ngandung ajén
falsafah saperti kecap “galuh”. Katilu, kecap/ngaran Ciamis dipaké
ngaganti Galuh, nepi ka kiwari tacan kakoréh, naon alesanana jeung tujuanana.
Lamun kecap ”ciamis” jolna ti urang Galuh, tangtu “amis” anu dimaksud nyaéta
harti “amis” dina basa Sunda. Kana hal naon éta kecap “amis’ téh
dilarapkeunana? Sanajan di Galuh aya daérah-daérah anu ngahasilkeun gula
kawung, tapi Galuh henteu disebut daérah produsen gula. Lamun kecap “amis’ dina harti kiasan,
kiasan tina naon?
Sakumaha geus disebutkeun, kecap “amis” dina
basa Jawa nuduhkeun bau hanyir. Loba nu nyebutkeun, yén kecap ”ciamis”
dilarapkeun jadi ngaran daérah anu asalna Galuh, cenah mimitina mah diucapkeun
ku urang Jawa (Mataram). Urang Mataram nyebut kitu dumasar kana kayaan di
Galuh. Dina hiji waktu di puseur Galuh kaambeu bau hanyir getih. Éta getih téh
getih manusa.
Mémang di daérah Galuh kungsi aya kajadian
anu ngabalukarkeun ambayabahna getih manusa anu bobor karahayuan dina adu jurit
atawa dihukum pati ku pihak Mataram. Kajadian anu ngabalukarkeun di Galuh bajir
getih, di antarana nyaéta tragedi di Ciancang (Utama) taun 1739 anu katelah “Bedah
Ciancang”. Harita Ciancang dirurug ku mangréwu-réwu barandal ti Banyumas. Mangratus-ratus
barandal akhirna tiwas ku prajurit Ciancang anu dibantuan ku pasukan ti
Sukapura, Limbangan, Parakanmuncang jeung Sumedang.
Lamun seug bener yén sebutan Ciamis anu jolna
ti urang Mataram téh dumasar kana banjir getih anu kungsi kajadian di Galuh,
hartina sebutan Ciamis téh ngandung panghina. Naha urang Galuh narima kitu baé
kana éta panghina?
Dumasar kana hal-hal anu geus disebutkeun,
kecap/ngaran Galuh leuwih loyog, leuwih merenah dipaké deui ngaran daérah jeung
pamaréntahan anu ayeuna disebut Ciamis. Cindekna mah, ngaran Ciamis ganti deui ku Galuh! Éta pamikiran asana henteu
kaleuleuwihi, sabab luyu jeung ajén Galuh anu nepi ka kiwari dipikareueus ku urang
Galuh.
Hapunten, sanés “goong nabeuh maneh” sareng
“agul ku payung butut”, eta pamikiran kungsi dikedalkeun ku sim kuring dina
pasamoan Wargi Galuh tanggal 19 Januari 2003 anu diayakeun di Aula Unpad Jalan
Dipati Ukur 35 Bandung. Kabeneran éta pasamoan diluuhan ku gegedén ti Pemda
Ciamis, nyaéta Bapa Bupati sareng Bapa Sekda. Mugia baé aranjeuna masihan
perhatosan, sabab sabagian Wargi Galuh anu hadir dina éta pasamoan, narima
kalayan daria kana pamikiran sim kuring.
Teu mustahil, anu boga pamikiran kitu téh
sanés sim kuring wungkul. Lamun wargi Galuh reueus kana ngaran Galuh, lain
ngandung harti yén urang Galuh ngabogaan sikep sukuisme. Éta sikep téh wajar tapi luhung, sabab ngébréhkeun
sikep ngamumulé jati diri, teu lali ka purwadaksina. Urang Galuh kudu miboga
tabéat anu loyog jeung ”falsafah kagaluhan ».
Dumasar kana kecap “galuh” anu miboga harti
nu jero -- iwal ti harti anu disodorkeun ku van der Meulen -- jeung ajén nu
luhur, sacara teori, ngaran Galuh bisa jadi pameungkeut pageuhna “kaduluran”,
khususna di antara sasama urang Galuh. Éta potensi téh cukup penting hartina pikeun otonomi
daérah (otda), sabab otda ngandung harti kudu ngamangpaatkeun sagala daya nu aya di daérah, nya éta sdm (sumber daya manusa)
jeung potensi anu pakait dina
kahirupan manusa.
Galuh euyeub ku potensi mangrupa seni-budaya jeung titinggal sajarah (situs). Éta potensi hadena bener-bener ditalungtik, di antarana pikeun
ngadeudeul pariwisata. Dina widang pariwisata, Galuh mibanda pariwisata sajarah
jeung pariwisata budaya, kaasup pariwisata ziarah.
Sakabéh potensi éta kawengku ku makna Galuh,
tapi teu pakait jeung makna Ciamis. Kusabab kitu, mugia
asal Galuh balik deui ka Galuh, tinekanan.
Bandung, 8 November 2003
*Sajarawan
Fakultas Sastra Unpad asal Galuh/
Anggota Pangurus Pusat Studi Sunda
* Pituin putra Galuh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar